Kantor Kecamatan Malangbong Kabupaten Garut

Cari Blog Ini

Selasa, 10 November 2009

Sejarah Malangbong

Sajarah Kacamatan Malangbong – Garut.

Oleh: Rd. Didin Jaenudin, SH (Ketua Yayasan Surayudha)

Rd. Surayudha lahir taun 1787 di Limbangan Garut. Anjeuna putra ti Rd. Wira Redja, Bupati Pamanukan Subang turunan keneh Bupat Limbangan. Malangbong dibuka jeung diadegkeun ku Rd. Surayudha taun 1807 dina umur 20 taun. Anjeuna diisitrenkeun janten Wadana (Cutak Malangbong) dina taun 1814 dina umur 27 taun. Rd. Surayudha mere ngaran Malangbong tina kecap Pasir Malang katembong.

Rd. Surayudha bajoang jeung Pangeran Diponegoro ngalawan Walanda nepi ka taun 1830. Sanggeus beres perang Diponegoro dina umur 43 taun, Rd. Surayudha ngadahup ka Putri Sultan Mataram nu boga ngaran Rd. Siti Bunga Resmi (pamajikan ka hiji), dina umur 45 taun anjeuna nikah kaduakalina ka Rd. Siti Komala, Putri Rd. Sutamanggala (Lebe Malangbong nu sok disebut Uyut Jangkung).

Ti Rd. Siti Bunga Resmi boga budak 12, nyaeta :
Rd. Wira Bangsa (Camat Malangbong)
Rd. Bangsa Yudha
Rd. Sura Pradja
Rd. Wira Pradja
Rd. Wira Djibdja
Rd. Siti Kliwon
Rd. Siti Aminah
Rd. Siti Adjibah
Rd. Siti Djanah
Rd. Siti Maryam (Cigawir/Cikelepuh Limbangan)
Rd. Siti Aisyah
Rd. Sura Dimadja (H. Muhamad Ilyas) – Bojong

Ti Rd. Siti Komala boga budak 2 nyaeta :
Rd. Wira Yudha
Rd. Siti Nata Karaton

Rd. Surayudha ngantunkeun taun 1886 dina yuswa 99 taun.

Rd. Wira Bangsa putra kahiji Rd. Sura Yudha, dibabarkeun taun 1832. Dina yuswa 40 taun (taun 1872), Rd. Wira Bangsa diisitrenkeun jadi Camat munggaran di Malangbong ku Pamarentah Kolonial Walanda.

Basa Rd. Wira Bangsa diisitrenkeun jadi Camat munggaran di Malangbong. Pamarentah kolonial Walanda menta rojongan pamarentah nyaeta ngayakeun pangabutuh masarakat kayaning pasar, kantor pamarentahan, alun-alun jeung tempat ibadah.

Kusabab tanah boga Wira Bangsa teu mahi keur pangabutuh ngayakeunnana, Rd. Wira Bangsa menta rojongan ti adi-adina Rd. Wira Djibdja, Rd. Siti Aminah, jeung Rd. H. M. Ilyas (R. Suradimaja). Aranjeuna raridoeun tanahna dipake keur ngayakaeun pangabutuh masarakat (Hak Guna Pakai), kajaba tanah keur kaperluan tempat ibadah (Kaum/Masjid Agung), diwakafkeun ku H. Muhamd Ilyas (Rd. Suradimaja) dina taun 1930.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar